Sabtu, 05 November 2011

SAJAK ( BAHASA SUNDA)


Talaga
Karya :Etti R.S
Gusti...
Paparin abdi talaga nu canembrang herang
Pinuh kakayon sabudeureunana
Luh tur tingtrim
Matak genah jeung bumetah

Ngarasula nu ngabebela
Rek dilokat nu inyana
hujan ngagebret
rep nyerepkana ati bumi

Gusti...
Tumuwuhkeun binih-binih kembang  na sisi talaga
Sirameun abi rebun-rebun
Ambungen mun ngalantung pasosore
Petikeun barudak nu arulin
Minangka taman kaheman
Pangreureuhan nu lalungse
Reserved: SAJAK
 

Rek dikikis ku beusi sarebu lapis
Pikeun nakis sato-sato nu telenges


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

LinkWithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...