Jumat, 16 Maret 2012

TATARUCINGAN (Bahasa Sunda)


TATARUCINGAN
1.      Hayam naon nu sok diteangan ku jelema ?  ( Hayam leungit)
2.      Tukang naon nu teu bisa ngitung ? (tukang poto)
3.      Kalon naon nu pinter men bal ? ( KALONGgak Bechkam yaa Del Piero)
4.      Bisa naek teu bisa turun ? (Haji)
5.      Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? ( Kasur ini Rusak)
6.      Gajah naon anu sukuna dua ? (Gajah nu keur keprok)
7.      Hurup naon anu ngeunah? ( Nya T )
8.      Leutik bodas pikasieuneun ? ( Sireum nu napel dina huntu maung)
9.      Setan naon nu bisa nangtungkeun sepeda ? (SETANdar)
10.   Sato naon nu pangharamna? (Anak bagong teu boga bapa)
11.   Hayam naon nu sukuna 1002? (Hayam nu gelut jeung titinggi)
12.   Rancung lain landak , hejo lain tentara ? (Kaktus)
13.   Make baju lain manusa,make dudukuy lain patani ? (bebegig)
14.   Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
15.   Palu naon ani pidato ? (PALUrah)
16.   Akarna diluhur , pucukna dihandap? (jenggot)
17.   Bisa turun,teu bisa naek ? (hujan)
18.   Budak dugul teu boga kutu ? (Onde-onde)
19.   Diasupkeun hejo dikaluarkeun beureum? (sepah)
20.   Ditakol  nyendol teu ditakol nyendol ? (Goong)
21.   Diudag lumpat didagoan cicing ? (kalangkang)
22.   Gunung bitu bandera kekelebetan ? (Nu keur ngakeul sangu)
23.   Oray hejo panon na loba? (peteuy)
24.   Hiber lain ku jangjang,balik lain ku suku ? (langlayangan)
25.   Nangkub dieusi nagkarak kosong? (kopeah)

DICUTAT tina majalah Ganesha edisi 002 Volume I/Maret II 2012

2 komentar:

LinkWithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...